Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh

Sampurasun,Wargi Salikur.

SMAN 21 Bandung dina miéling Poé Basa Indung Internasional, ngayakeun sababaraha kagiatan mangrupa lomba ogé talk show pikeun ngaronjatkeun ajén kasundaan.

Dina acara ieu medar ngeunaan Poé Basa Indung.

Poé Basa Indung Internasional nyaéta dimana sadunya miéling basa nu saéstuna basa mimiti nu diajarkeun ku sepuh ka budakna. Kaping 21 Pébruari, cunduk dinten kamari, UNESCO nangtoskeun yén 21 pébruari nyaéta miéling poé basa indung. Udagan ngamumulé karinekaan basa jeung ngapromosikeun atikan multi basa anu dasarna tina basa indung. Karinekaan basa beuki saeutik lantaran beuki loba basa nu leungit. Leungitna hiji basa hartina ngaleungitkeun hiji warisan budaya jeung atikan nu aya di jerona. Ku kituna dina miéling poé basa indung ieu mangpu mulangkeun kacintaan kana basa indung ku urang nu boga jeung mibanda kana basa Sunda. Dina raraga Miéling Poé Basa Indung Internasional saeutikna urang bisa ngahargaan kana basa indung utamina di kalangan murangkalih SMAN 21 Bandung. SMAN 21 Bandung nu gawé bareng OSIS SMAN 21 Bandung ngayakeun acara nu minangka kanggo ngamumulé basa sareng budaya Sunda. Kukituna OSIS SMAN 21 Bandung di handapeun binaan Ibu Srini Kartikajani, S.Pd. ngayakeun sababaraha lomba nyaéta maca sajak, ngawih , biantara, sareng nga review kadaharan Sunda kucara virtual. Kaayan sasalad Covid-19 teu ngurangan rasa sumanget komponen  nu aya dina jero SMAN 21 Bandung pikeun miéing Poé Basa Indung Internasional 2021 ieu. Anu béda dina kagiatan biasana nyaéta ayana talk show anu dipidangkeun ku panyatur ti guru basa Sunda SMAN 21 Bandung nyalira nyaéta Bu Putri Aneu,S.Pd. sareng pangjejer acara Bu Hj. Nunung Hartati S.Pd.,M.M.Pd.

Acara ogé diluuhan ku kapala sakola, Bapak Dani Wardani, S.Pd.,M.M.Pd. Dina sambutana Bapak Kapala Sakola ngadugikeun pentingna murangkalih SMAN 21 Bandung ngamumulé basa Sunda. Aya oge juri nu meunteun karya murangkalih nyaeta Ibu Nurhidayah,S.Pd. sareng Ibu Yuliani Mayasari,S.Hum. Acara nu direuah-reuah ku sababaraha pintonan nyaéta pintonan murangkalih anu pinunjul lomba sareng pintonan kacapi kawih. Ngalangkungan zoom meeting sareng siaran langsung you tube, murangkalih kataji ngiringan acara ieu.

Ngangkat tema “Miara Basa Sunda dina Mangsa Milenial” dipiharep bisa ngirut masarakat Sunda hususna generasi milénial tiasa reeus ngagaduhan basa katut budaya Sunda.

SUNDA DIGJAYA JEMBAR BUDAYANA.

Wilujeng Poe Indung Internasional 2021, Baraya Sadaya.

Oleh Kehumasan SMAN 21 BANDUNG

Penerjemah Nurhidayah,S.Pd & Putri Aneu, S.Pd